Khutbah Idula Adha 1443 H : Kateladanan Ibrahim & Ismail dina Ngalarapkeun Parentah Alloh SWT
KHUTBAH IDUL ADHA :
Kateladanan Ibrahim & Ismail dina Ngalarapkeun Parentah Alloh SWT
Ridwan Taufiq
Assalaamu alikum wr. wb
الله اكبر 9x
الله اكبر
كبيرًا والحمد لله كثيرًا وسبحان الله بكرة واصيلا .
الله اكبر (ثلاثا) الحمد لله القديم وجنوده ,
العميم فضله وجنوده , خالق الافلاك ومدبرها وبادى الاشياء ومصورها.
احمده واشكره
علي ادراك ذىالحجة ويوم عرفة.
واشهد ان لااله
الاالله وحده لاشريك له , واشهد ان محمدا عبده ورسوله نبي ارسله الله بالرحمة
والرئفة.
اللهم فصل وسلم
وبارك علي محمد وعلي اله واصحابه اولى التوى والمعرفة , وسلم تسليما كثيرا .
ايهاالناس
اتقواالله حق تقاته ولا تموتن الا وانتم مسلمون .
(Muqoddimah)
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Sumangga urang sambut dongkapna
idul adha taun ieu kalawan ngumandangkeun takbir sareng tahmid,
anu dilandasan ku rasa ‘Syakiron wa mutawadhi’an’
tegesna rasa sukur kalawan
dibarengan
ku sikap depe-depe, rendah di payuneun Alloh SWT anu maha Gagah.
ALLOHU AKBAR, ALLOHU AKBAR,
LAAILAHA ILLALLOHU, ALLOHU AKBAR
ALLOHU AKBAR, WALILLAHILHAMD.
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Panggerona Alloh, pikeun nunaikan
ibadah haji senantiasa ngagugah kasadaran urang sadaya, kumna, umat islam sa antero jagat bumi.
Dina musim haji ayeuna,
Sabada na dua taun kapengker urang sadaya
Dipaparin ujian pandemi covid-19.
alhamdulillaah dina taun ieu, jutaan kaum muslimin, para
wagri urang sadaya, parantos dongkap, rempak merbayaksa ka tanah suci, MAKKAH AL-MUKARROMAH.
Aranjeuna, berbondong-bondong,
berduyun-duyun, napak perjalanan anu melelahkan, mentas samudera, nembus
angkasa raya, dina mangrupa-rupa cuaca, sareng iklim anu berobah,
Aranjeuna, wargi urang sadaya, hamo ngitung-ngitung kana sagala kasulitan srg hambatan eta.
Resiko naon bae, nu
dituntut pikeun nedunan panggero Alloh, parantos siap dihadepan.
Sabab kokohna kaimanan sarta
dorongan pangabdian, anu
ngagedur dina dada sarta jiwa aranjeuna.
Pengobanan dina ngalaksanakeun
rukun islam kalima ieu, dianggap perkara leutik anu teu aya hartina,
dibanding leubeutna kacinta aranjeuna
terhadap Alloh SWT.
Margi kitu, pantes sareng payus
pikeun urang sadaya, ngirimkeun doa, mugia Alloh SWT nampi kana pengabdian sareng pengorbanan wargi sadaya,
sarta ngajadikeun ibdah haji na, haji anu mabrur. Sabab Kamabruran haji, anu baris
nempatkeun aranjeuna kana sawarga.
والحج المبرور ليس له جزاء الا الجنة
“Sareng ari haji mabrur, teu aya balesannana kajaba surga” (H.R. Bukhori-Muslim).
ALLOHU AKBAR, ALLOHU AKBAR, WALILLAHILHAMD.
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Menjelang sholat id, Suara gema
takbir, tahlil, sareng tahmid berkumandang. Di masjid, di mushola, di bumi-bumi, di media sosial, oge di tempat-tempat
sejena.
Kadangu ku urang sadaya kalimat
‘ALLOHU AKBAR’ anu ngadung maksud ‘Alloh Anu maha Agung’, disusul ku kalimat
‘LAA ILAAHA ILLALLOH’ , ‘teu aya pigusti lintang Alloh. Oge dipungkas ku bacaan
‘WA LILLAAHILHAMD’ ,sareng sadaya puji kagungan Alloh’.
Kalawan kalimat takbir ‘ALLOOHU AKBAR’, Alloh anu
maha Agung, sumangga urang
tancebkeun dina kanyataan kahirupan
urang sadaya, ngenaan
kebesaran Alloh, kaagungan Alloh, Alloh anu paling pantes ngagaduhan sifat
Gumede, lian ti Alloh, tegesna urang
sadaya sebagai hamba, teu pantes boga sifat gumede, takabbur, asa bener
sorangan, asa pang surgana, jeng sajabana.
Sabab lian Alloh SWT, sadayana leutik.
Naon rupi hal anu jadi kabanggaan
uang sadaya,
boh kamegahan harta, kaluhuran pangkat-jabatan, sareng kamewan dunya
lainna, sadayana leutik teu aya hartina sama sakali, dibanding kaagungan Alloh
Ta’ala.
Teu aya perluna urang sadaya
ngabanggakeun harta, teu aya pantesna urang sadaya nyombongkeun diri, dina pangkat-darajat,
oge teu aya patutna urang sadaya
mamerkeun kabisa jeung kaahlian, sabab sadayana leutik teu aya hartina dibanding
kaagungan Alloh SWT.
Maka, kalawan kalimat LAA ILAHA ILLALLOH,
pantes pikeun urang sadaya ngayakinkeun,yen teu aya nu dipigusti, anu
patut dipisembah lintang Alloh anu maha Gagah.
Dipungkas ku kalimat WALILLAHILHAMDU, teu ayan pinuji pikeun urang
sadaya, sabab puji mung kagungan Alloh.
Teu aya celah pikeun urang sadaya ngabogaan sikap sombong, teu aya lawang
pikeun urang sadaya ngabogaan sikep takabbur, boga rasa pang benerna sorangan,
egois, teu bisa narima pendapat batur. Sabab dirina boga rasa pinuji
sareng angkuh.
Padahal Alloh SWT maparin perhatian:
ولا تصعر خدك للناس ولا تمش فى الارض مرحا
, ان الله لايحب كل مختال فخور
“ jeung poma ulah rek ngabalieurkeun beungeut anjeun (mesem) ti pada
jalma, jeu ulah rek leumpang anjeun di ieu bumi (ngagegag) kalawan angkuh. Saestuna Alloh hanteu misuka jalma-jalma anu sombong jeung ngabanggakeun
dirina “.
ALLOHU AKBAR, ALLOHU AKBAR, WALILLAHILHAMD.
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Disarengan
lantunan takbir mangsa tadi, ngagema saantero jagat bumi, bari disambut untaian
kalimah talbiyah :
Labaikalohu
labaik labaika laa syarika labaik
Dikumandangkeun jutaan kaum
muslimin di tanah suci.
Sagedengen marengan ieu kajadian, dinten ayeuna ping 10 Dzulhijah, nu
disebat Idul Adha, ngamilik harti mibanda makna ‘kembali kana pengorbanan’.
Sakedap deui, getih-getih anu suci tina sato kurban,
Bakal ngocor, ngalir ngahanyutkeun titik-titik noda hidueng, dina hate urang sadaya.
Eta getih-getih sato teh engke,
bakal nebarkeun seungit jalinan kaasih
kanyaah jeung kadeudeuh pikeun sasama urang, kalawan ngagambarkeun rona cahaya
kabungah, ceria dina wajah-wajahna maranehna,
terjalin kebersamaan sosial diantara urang sadaya.
ibadah kurban syarat kalwan makna sareng hikmah, ngaundel pirang-pirang tujuan,
anu kacida perluna, pikeun ningkatkeun kualitas urang sadaya sebagai seorang
muslim, baik dina kahirupan individu atawa kahirupan bersosial.
Rosululloh SAW ngadawuh :
واليوم العاشروهويوم الاضحى . من قرب
قربانا فيه فباول قطرة قطرت من دمه غفرالله له ذنوبه وذنوب عياله
“ jeung ari dinten kasapuluh,
nyaeta poenan kurban. Sing saha jalma anu ngalaksanakeun kuban, maka ti
ngawitan tetesan getih anu ngocor (ragrag kana tenuh) Alloh baris nembrakeun
Maghfiroh (panghampura) tina sagala dosa diina sareng dosa kulawargana “
Bahkan satiap lembar bulu hewan
anu dikubankeun, mawa hijian kahadean :
Wa bikulli sya’rotin minash
shoufi hasanah
“ satiap lembar bulu herwan
kurban, bakal jadi hiji kahadean” (HR. Ahmad dan Ibnu Majah).
Bagja kacida jalma anu ngagaduhan
kalapangan rezeki,
Bungah nu teu aya papadana kanu kagungan harta, sabab kalawan eta harta anu melimpah,
sanes diange kango poya-poya
lain digunakeun kana kabanggaan sareng kaagulan, hayang kapuji di antara papada jalma,
tapi Rezekina eta dilarapkeun dina rasa syukur, rezekina disanggakeun kanu
kagungana,
nyatana Alloh Anu Maha Kaya,
ku jalan ngalaksakeun kurban.
Ngan kacida rugina jalma, mun seg ngabogaan harta, lubak libuk, bru di juru
bro di panto, ngalayah di tengah imah, artosna tersembunyi di mana-mana kantun
ngagesek (dina ATM),
Tapi teu ngalaksanakeun kurban, Rosululloh maparin peringatan:
Man wajada s’atan falam
yudhohhi, falaa yaqrobanna mushollana
“Sing saha jalma anu ngabogaan kamampuan pikeun kurban, tapi manehna teu
ngalaksanakeun, maka (diusir ku nabi) manehna ulah rek deukeut-deukeut ka
tempat sholat kami”
Padal panutan urang sadaya, kanjeng Nabi Muhammad maparin jaminan:
الا الاضحية من الاعمال المنجية ينجى
صاحبها من شرالدنيا والاخرة .
“ eling-eling, saestuna ngalaksankeun kurban mangupakeun
amalan penyelamat, anu bais nyalametkeun jalma tina kaawonan dunya rawuh akhirat
“.
ALLOHU AKBAR, ALLOHU AKBAR, WALILLAHILHAMD.
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Patula patali sareng ibdah kurban,
sumangga urang muka sajarah pengobanan seorang hamba Alloh.
Urang sakedap menengenang hiji
insan, tegesna sosok manusa mulya, anu diutus ku Alloh,nabi katut rosul urang
sadaya,
Ibahim sareng kulawargana, tegesna
Ismail nu janten putrana, sareng siti Hajar istrina.
Kaagungan kapribadian anu dipimilik
dina diri nabi Ibahim, ngajadikeun pikeun urang sadaya, bahkan nabi Muhammad
SAW nyalira, kedah mampu miconto,
tuladan pikeun urang sadayana. Alloh SWT ngaabadikeun dina al-Qur’an :
قد كانت لكم اسوة حسنة فى ابراهيم والذين
معه
“ temen kabuktian aya
suri tauladan pikeun aranjeun kabeh (wahai manusa) , dina diri Ibahim sarta
jalma-jalma anu nyarengan anjeuna “
Ku urang sadaya kadangu, kabaca,kagambar,
kabayang, kumaha pengobanan, ujian anu menimpa Ibrahim. Diparentah ngurbankeun
nu janten putrana, kameumeut ati, …. Ismail, panutan rasa, nu tos didamba-damba
ti beh ditu, diparentah ku Alloh kudu dipencit.
Alloh Ta’ala ngaabadikeun
sejarahna dina al-Qur’an (Ash-shofat:100-120):
رب هبلى من الصالحين .
“nalika Ibrohim ngado’a: Ya Robb,mugi gusti nganugrahkeunka jisim abdi,
putra anu sholeh”
فبشرناه بغلام حليم
.
“maka Kami maparin berita gumbira, tegesna hiji anak anu sabar katut
sholeh”
فلما بلغ معه السعي قال يا بني انى ارى فى
المنام اني اذبحك فانظر ماذاترى .
“maka nepi kana usia 13 taunan, Ibrahim cumarios:’yeuh anaking saenyana ieu
apa ngimpi, kengeng wahyu ti Alloh, supaya meuncit hidep, jadi korban. Kumaha
numutkeun hidep!”
(bari ngalengis nabi Ibrahim, komunikasi antar dua hamba, seorang bapak
sareng putrana)
قال يا ابت افعل ما تؤمر ستجدنى ان
شاءالله من الصابرين
Ismail ngawaler: ‘Apa, prak laksanakeunnaon anu diparentah ku Alloh!
InsyaAlloh, Apa baris mendakan abdi ti golongan jalma anu sabar’
(luar biasa, waleran seorang anak kanu jadi ramana, ngayakin keun kana
wahyu nu dongkap ka Ibrahim)
فاما اسلما وتله للجبين
Saparantosna eta
bapak jeung anak tumamprah ka Alloh, Ibrahim ngegolerkeun nu jadi putrana
sagigireun damisna.
وناديناه ان
ياابراهيم قد صدقت الرؤيا انا كذلك نجزالمحسنين .
Kami ngagero: wahai Ibrahim, anjeun geus ngayakinkeun kana ieu wahyu.
Saestuna Kami baris ngaganjar ka jalam anu migawe kahadean.
ان هذا لهو البلاء المبين .
Oge saestuna hal
ieu teh mangrupakeun ujian anu nyata.
وفديناه بذبح عظيم .
Maka kami nebus
ka eta nu jadi anak , ku sato pepencitan anu kacina gedena.
وتركنا عليه فى الاخرين .
Kami ngaabadikeun
Ibrahim , pikeun jalma-jalma akhir zaman.
سلام على هبراهيم .
Kasaleman,
kasinugerahan piken Ibrahim.
كذلك نجزى المحسنين . انه عبادنا المؤمنين
.
Ku hal ieu, kami maparin balesan ka jalma-jalma anu ngalaksanakeun
kahadean.
Saestuna Ibrohim kaasup hamba-hamba kami anu ariman.
ALLOHU AKBAR, ALLOHU AKBAR, WALILLAHILHAMD.
Kaum Muslimin, sidang Ied rahimakumulloh
Lima belas abad ka pengker, di
kota Mina, Rosululloh SAW maparinan khutbah di payunen 115.000 umat muslimin nalika
nglaksanakeun ibdah haji.
Tegesna khutbah pamungkas atanapi
“khutbah wada”, margi tilu bulan sa atosna, Anjeuna wafat.
Dina khutbah Anjeuna maparinan
amanat.
anjeuna nguningakeun:
تركت فيكم امرين لن تضلواماتمسكتم بهما
كتاب الله وسنة نبيه
“ Kaula parantos ninggalkeun pikeun aranjeun dua perkara. Salamina
aranjeun moal ssasar, nalika eranjeun kabeh nyekel pageuh kana dua pekara eta,
tegesna Kitab Alloh (Al-Qur’an) sareng Sunnah Nabi-Nya ” (H.R. Ibnu Abdil
Bar).
Wasiat Rosululloh dina haji wada ieu, janten perhatosan, supaya urang
sadaya nyekel pageuh Al-Qur’an nu jadi pedoman kahirupan, kalawan dicontoan ku
sunnah-sunnah nabi Muhammad SAW.
Sumangga urang pratekeun dina kahirupan sadidinten, ti kawit lingkungan
alit, nyatana keluarga, ngbiasakeun tilawah Quran di bumi masing-masing,
ciptakeun suasana islami/Qur’ani, diajarkeun nutup aurat ka murangkalih istri
urang sadaya,
Teras majeng praktekeun kana kahirupan bertetangga, oge dina kahirupan luas
sosial bermasyarakat, berbangsa, katut bernegara.
Mudah-mudahan urang sadaya dipaparinan kakiatan dina nyekel pageuh Al-qur’an
anu jadi pedoman hirup urang sadaya, anu diconcoan ku sunnah-sunnah nabi urang
sadya, Muhammad SAW.
Doa penutup:
(Sholawat .....)
اللَّهُمَّ
اجْعَلْ جَمْعَنَا هَذَا جَمْعًا مَرْحُوْمًا، وَاجْعَلْ تَفَرُّقَنَا مِنْ بَعْدِهِ
تَفَرُّقًا مَعْصُوْمًا، وَلا تَدَعْ فِيْنَا وَلا مَعَنَا شَقِيًّا وَلا
مَحْرُوْمًا.
اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ الْهُدَى وَالتُّقَى
وَالعَفَافَ وَالغِنَى.
اللَّهُمَّ إِنَّا نَسْأَلُكَ أَنْ تَرْزُقَ كُلاًّ
مِنَّا لِسَانًا صَادِقًا ذَاكِرًا، وَقَلْبًا خَاشِعًا مُنِيْبًا، وَعَمَلاً
صَالِحًا زَاكِيًا، وَعِلْمًا نَافِعًا رَافِعًا، وَإِيْمَانًا رَاسِخًا ثَابِتًا،
وَيَقِيْنًا صَادِقًا خَالِصًا، وَرِزْقًا حَلاَلاًَ طَيِّبًا وَاسِعًا، يَا ذَا
الْجَلاَلِ وَالإِكْرَامِ
.
اللَّهُمَّ أَعِزَّ الإِسْلاَمَ وَالْمُسْلِمِيْنَ،
وَوَحِّدِ اللَّهُمَّ صُفُوْفَهُمْ، وَأَجْمِعْ كَلِمَتَهُمْ عَلَى الحَقِّ،
وَاكْسِرْ شَوْكَةَ الظَّالِمِينَ، وَاكْتُبِ السَّلاَمَ وَالأَمْنَ لِعِبادِكَ
أَجْمَعِينَ
رَبَّنَا لا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ إِذْ
هَدَيْتَنَا، وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً، إِنَّكَ أَنْتَ الوَهَّابُ.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا أَنْفُسَنَا وَإِنْ لَمْ تَغْفِرْ
لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ الخَاسِرِيْنَ
رَبَّنَا
آتِنَا في الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفي الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
Washollillaahumma
.....
Walhamdulillah
...
Wassalaamu alikum wr. wb
Komentar
Posting Komentar